Kelas/Jurusan : XII/MULTIMEDIA 1
Sakola : SMKN 2 GARUT
Pancen 4 : NYIEUN NASKAH ARTIKEL
Mesin
Tik Zaman Kiwari
Naon mesin tik teh?
Mesin tik teh nyaeta alat
elektronik piken nulis surat pisurat, undangan, jadwal, laporan, jeung
sajabana. Tapi zaman kiwari mah tara disebut mesin tik deui, naon sababna?
Sababna nyaeta, zaman kiwari mah mesin tik teh disambungkeun jeung layar
monitor, jeung CPU. Disebut naon atuh jadina? Zaman kiwari mah “keyboard”
disebutna mesin tik teh. Naon ari keyboard teh? Keyboard teh disusun ku dua
kata nyaeta, key jeung board. Ari key mah hartina ketik, lamun board mah
hartina papan. Dihijikeun jadi ketik papan, alias papan ketik.
Naon kaunggulan mesin
tik zaman kiwari?
Geus katingali tina bentukna,
mesin tik zaman kiwari mah geus canggih pisan. Lamun aya kasalahan kecap dina
nyieun surat pisurat atawa anu sejenna, bisa langsung dihapus. Henteu ciga
mesin tik zaman baheula, lamun aya kasalahan kecap teh kudu langsung diganti
kertasna. Salian ti eta, aya deui kaunggulan mesin tik zaman kiwari teh nyaeta,
kusabab nyambung kana layar monitor, jeung CPU. Kecap-kecap anu disusun bisa
diwarnaan ku warna sejen, bisa warna biru, bisa warna koneng, bisa warna hejo,
jeung sajabana. Kumaha kahayang urang sorangan. Mesin tik zaman kiwari oge bisa
ngatur leutik gedena ukuran huruf, ti huruf anu sagede sireum nepi ka sagede
gajah ge bisa. Sok sanajan anu diketik na loba pisan, henteu bisa dibereskeun
poe ayeuna keneh. Bisa wae eta pagawean teh ditunda heula, kumaha carana?
Carana nyaeta disimpen dina komputer, terus diaranan supaya henteu poho deui.
Lamun rek dibuka deui, bisa dibuka langsung data anu disimpen dina komputer,
teruskeun weh pagawean anu can anggeus eta teh.
Naha aya bedana kitu,
mesin tik zaman kiwari jeung zaman baheula teh?
Nya puguh loba bedana atuh. Tina
bentukna ge geus katingali beda, fungsina oge leuwih loba mesin tik zaman
kiwari. Ngan hanjakal aya hiji anu bisa diagulkeun mesin tik zaman baheula
nyaeta, lamun parem listrik mesin tik mah moal jadi masalah. Tapi sedangkeun
mesin tik zaman kiwari mah, lamun parem listrik teh, nya parem sagalana. Salian
ti eta oge mesin tik zaman kiwari mah meakeun listrik. Masih saleheng leptop
bisa dicas, tapi komputer mah terus weh nanceb dina listrik teh. Lamun ge
dicabut terus dicolokeun deui mah, bisi aya koslet komputerna. Bisa cilaka dua
belas atuh ari kitu. Keur mah meakeun listrik, terus aya koslet komputerna,
geus henteu kabayang weh kumaha jadina.
Naon pentingna kudu
make mesin tik teh?
Mesin tik jeung sabangsana kacida
pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan
kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun
ngungkulan jaman jeung ngajawab tangtangan kahirupan. Rek mesin tik zaman
baheula, rek zaman kiwari sarua keneh hasilna mah. Ngan fungsina hungkul anu
beda mah. Henteu ka iket ku aturan lamun rek ngerjakeun, boh rek nu zaman
baheula atawa zaman kiwari. Anu paling penting urang kudu bisa ngamanfaatkeun
alat anu aya. Ulah nepikeun henteu apal kana alat keur nyieun surat pisurat
jeung sajabana. Geus mah apal alatna, fungsi-fungsina, manfaat-manfaatna, jeung
sajabana. Moal sieun rek ngerjakeun pagawean anu kudu make mesin tik teh, da
geus bisa tea. Salian ti eta, lamun geus jadi ahli mah, ngagunakeun mesin tik
bisa ngahasilkeun duit. Boh jadi sekertaris, boh jadi admin, boh jadi operator,
boh jadi notaris, jeung sajabana. Komo bari hasilna rapih jeung bisa ditarima
ku batur. Meren batur ge bisa percaya ka urang, sangkan bisa jadi kapercayaan
lamun aya pangabutuh anu kudu make mesin tik.

0 komentar:
Posting Komentar